Pages

Rabu, 14 Maret 2012

USUM NAON DI LEMBUR URANG TEH???


Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh
Patepang deui dina carita info Desa Tangkolo jeung sabudeureunana.
Wartos-wartos anu parenting 

Pamiarsa kaum dangu sadaya, warga tatar sunda.
Wartos – wartos paling anyar di Desa Tangkolo.
Desa Tangkolo dina waktos ieu keur usum naon cenah???? 
kitu pungkasna nyarios anu aranom di pangumbaraan......
    Tah ku simkuring bade rada seutik di unggel dina cariosan danget ieu,,, reh na di desa urang ieu teh cek nu rempo mah cenah aya menara sisi cijolang eta teh naon?? nya kunu aranom di tetelakeun eta teh sanes mangsakadar menara nyaeta tower INDOSAT,, 
      hiji meureun eta tah nu keur rada rame di desa urang teh,,, anu saterusna tah urang teh sadaya ngabogaan hiji kasatuan anu nawangun dina bidang kapemudaan nyaeta karang taruna, tah didieu sagala kreativitas, bakat- bakat pamuda tangkolo bisa kasalurkeun, contona kamari mani asa pesta eta di desa tangkolo, ti orok sampe kanu rempo ngiring ngajonghok ngadukung tim sepak bola nyaeta ANDESTA nu katelahna, nya atuh ek tei rame kumaha da ANDESTA teh geus mawa ngaran Tangkolo  di kancah kabupaten wilyah 5, nepi ka final eta ngaran tangkolo harum dina  berita, radio, koran, ku jayana sepak bola Tangkolo,,, ku ayana eta ayeuna unggal poe rebo jeung poeo ahd isuk tim sepak bola ANDESTA sok lalatihan keur nanjerkeun kajomantraan tangkolo dina widang sepak bola.... teu dina menbola wungkul karang taruna aktif dina nilai agamisna anu can tangtu aya di lembur batur nyaeta aya hiji organisasi Remaja Mesjid anu ka ungkul rutin dilaksankeun dina poe ahad atu cenah hoyong leuwih jelasna tiasa di buka blogna http://www.remajamesjidtangkolo.blogspot.com
naon  cenah nu keur rame deui teh????
     keur kaum tani mah ayeuna mun seja sukuran mah bade barungah ku ayana sawah palatar keur masana panen, rada di tingal tina sasak cijolang kacida karonengna eta pare nya siap-siap wae meureun tah keur anu ngagaduhan sawah siap lah panen,,,,
      Teu hilap dina widang pamarentahan tah ayeuna keur rame nu balayar pajeug cok kolot mah,, nya atuh da boga msyarakat anu kompak anu bersatu, tangkolo unggal taun bisa lunas pangengglna di wilayah kecamtan bahkan dina tingkat kabupaten....

 Sakitu nu kapihatur minangka warta ti desa  Tangkolo.
abdi seja Pamit  mundur,
Wassalammualaikum warohmatulllohi wabaraokatuh
       

Selasa, 13 Maret 2012

TOKOH PENDIDIKAN DESA TANGKOKOLO



TOKOH PENDIDIKAN DESA TANGKOLO

     
         Harita d desa Tangkolo diwangun Sakola Desa nu disebut “Volk Schul” atawa Sakola Rakyat, mun ayeuna mah SMP meureun.
          Kumaha kaayaan masarakat Tangkolo nu hayang sakola waktu harita? Tangtu kacida ripuhna, dilantarankeun jauh teuing.
          Waktu harita, bapa “Adiwikarta” anu jadi Kulisi Desa Tangkolo ngupayakeun ka pamarentah sangkan di Tangkolo bisa diwangun hiji sakola. Sanggeusna dikabulkeun, eta sakola disebut SD Subang II.
          Saha harita anu jadi pupuhu sakolana? Nyaeta Bapa Miskat Partadisastra sakalian sabage guru anu harita mah sok disebut juragan. Mantena (almarhum) minangka ngajabat ngajadi pupuhu sakola ti tanggal 01 Juni 1940-1953.
          Bapa Miskat Partadisastra kaasup warga masarakat anu kawilang nyongcolang jasana dina raraga nanjerkeun “pendidikan” di Tangkolo.
          Taun saterusna datang tanaga pangajar kadua anu disebut Guru Bantu ti Desa Kutamanggu. Nyatana Bapa Tepon Sastraatmaja anu teu lami digentos ku Bapa Guru Hasan Suwarna anu ti Subang.
            Tapi hanjakal, dina tanggal 27 Juni 1953, bapa Miskat Partadisastra sareng Bapa Sanpa’I ditewak, ditelasan, diduruk ku kakejeman DI/TII. 
            kadieuna aya bapak S.Setiono nu jadi kepala sakola di sd 1.. terus bapak Anta Yana Sutisna Direja nu padumukanana ti dadiharaja, bapak Husen nu katelah pangglakna ker harita jaman PKI,,
           Umumnamah sadaya guru guru urang anu ges nanjerkeun pendidikan desa Tangkolo, eta sadayana pahlawan Desa Tangkolo,,,, mudah mudahan sadayana di paparahan rohmat ku gusti nu maha suci di alam kabagjaaan..... amiiiiinnnnn...............



Senin, 05 Maret 2012

"SALIRA NU KADEUDEUH"

Peurih, bungah......
Geter geter rasa numawa katresna
nganjang kana puserna kalbu
netep nanceb nurih kana sajeroning rasa
amparan kahayang ngolebat
nyipta manisna rasa kadeudeuh
sakapeung mindah jadi cimata nungumbara
ngalengkepan rasa kuciwa

TANGKOLO NU KAMEUMEUT.....

Minggu, 04 Maret 2012

Menembus Grand Final adalah "KEAJAIBAN"

Menembus Grand Final adalah "KEAJAIBAN" Mengingat kita adalah team promosi..dari 14 team yg kita gagalkan...
Juara 2 adalah harga tertinggi dari buah perjalanan "memulai"
Kami persembahkan KEBANGGAN ini utk warga TANGKOLO
selamat ANDESTA-ku...
SAHABAT...rayakan kemenangan ini...!!
ANDESTA TANGKOLO FC

Jumat, 02 Maret 2012

arti SAHABAT

Keberadaan seorang sahabat sejati begitu penting dalam hidup ini. Begitu dalam makna dan arti dari sebuah persahabatan. Dan teramat sangat tidak mudah untuk menemukan seseorang yang layak dan pantas untuk dijadikan seorang sahabat dari sekian banyak teman yang kita punya.
Bagi saya pribadi, sahabat itu bagai embun pagi tatkala matahari akan menyinari bumi ini. Merasakan ketika kebahagiaan datang menghampirinya, saya juga akan loncat kegirangan. Ketika dia bersedih dan luka, saya mampu mengeluarkan air mata dan merasakan bahwa betapa saya tidak ingin ia tersakiti. Merasakan ‘kehangatan’ dan kenyamanan ketika bersama saling berbagi cerita. Merasakan bahwa di setiap langkah ia ada dalam ingatan dan selalu ingin menyenangkan hatinya di mana pun ia berada.
Sahabat sejati adalah sahabat yang tidak punya hati nurani untuk menusuk dari belakang atau menjadi duri dalam daging dan tidak memiliki rasa iri dan dengki. Saling memberi dan saling menerima tanpa ada embel-embel azas pemanfaatan.
Ketika seseorang yang sudah kita anggap sebagai sahabat, namun pada satu ketika ternyata dia diam-diam menginginkan dan melakukan sesuatu yang pada dasarnya tidak pernah terpikirkan oleh kita,  apa yang harus diperbuat dan apa yang bisa kita rasakan? Kekecewaan yang sangat dalam dan terlukalah sudah hati dan rasa… Ini sebuah pertanda bahwa ia sangat tidak pantas untuk dijadikan sahabat. Mungkin saja kedekatan yang selama ini tercipta memiliki dua arti yang berbeda. Keberadaanya yang kita anggap sebagai sahabat, namun alangkah malangnya ternyata ia tidak memiliki pengertian dan pemahaman makna keberadaan seorang sahabat. Ia hanya teman dekat atau justeru hanya teman biasa saja…
Sungguh tidak mudah menemukan seorang sahabat!
Teman sanggup merampas orang yang kaw cintai
Tapi sahabat akan menjadi mata-mata menjaga orang yang kaw cintai
Teman akan memberi mu senyuman
Tapi sahabat memberi mu kebahagiaan
Teman akan memberi mu setangkai mawar
Tapi sahabat memberi mu setangkai melati
 

Blogger news

About