Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh
Patepang deui dina carita info Desa Tangkolo jeung sabudeureunana.
Wartos-wartos anu parenting
Pamiarsa kaum dangu sadaya, warga tatar sunda.
Wartos – wartos paling anyar di Desa Tangkolo.
Desa Tangkolo dina waktos ieu keur usum naon cenah????
kitu pungkasna nyarios anu aranom di pangumbaraan......
Tah ku simkuring bade rada seutik di unggel dina cariosan danget ieu,,, reh na di desa urang ieu teh cek nu rempo mah cenah aya menara sisi cijolang eta teh naon?? nya kunu aranom di tetelakeun eta teh sanes mangsakadar menara nyaeta tower INDOSAT,,
hiji meureun eta tah nu keur rada rame di desa urang teh,,, anu saterusna tah urang teh sadaya ngabogaan hiji kasatuan anu nawangun dina bidang kapemudaan nyaeta karang taruna, tah didieu sagala kreativitas, bakat- bakat pamuda tangkolo bisa kasalurkeun, contona kamari mani asa pesta eta di desa tangkolo, ti orok sampe kanu rempo ngiring ngajonghok ngadukung tim sepak bola nyaeta ANDESTA nu katelahna, nya atuh ek tei rame kumaha da ANDESTA teh geus mawa ngaran Tangkolo di kancah kabupaten wilyah 5, nepi ka final eta ngaran tangkolo harum dina berita, radio, koran, ku jayana sepak bola Tangkolo,,, ku ayana eta ayeuna unggal poe rebo jeung poeo ahd isuk tim sepak bola ANDESTA sok lalatihan keur nanjerkeun kajomantraan tangkolo dina widang sepak bola.... teu dina menbola wungkul karang taruna aktif dina nilai agamisna anu can tangtu aya di lembur batur nyaeta aya hiji organisasi Remaja Mesjid anu ka ungkul rutin dilaksankeun dina poe ahad atu cenah hoyong leuwih jelasna tiasa di buka blogna http://www.remajamesjidtangkolo.blogspot.com
naon cenah nu keur rame deui teh????
keur kaum tani mah ayeuna mun seja sukuran mah bade barungah ku ayana sawah palatar keur masana panen, rada di tingal tina sasak cijolang kacida karonengna eta pare nya siap-siap wae meureun tah keur anu ngagaduhan sawah siap lah panen,,,,
Teu hilap dina widang pamarentahan tah ayeuna keur rame nu balayar pajeug cok kolot mah,, nya atuh da boga msyarakat anu kompak anu bersatu, tangkolo unggal taun bisa lunas pangengglna di wilayah kecamtan bahkan dina tingkat kabupaten....
Sakitu nu kapihatur minangka warta ti desa Tangkolo.
abdi seja Pamit mundur,
Wassalammualaikum warohmatulllohi wabaraokatuh


Tidak ada komentar:
Posting Komentar