Pages

Selasa, 13 Maret 2012

TOKOH PENDIDIKAN DESA TANGKOKOLO



TOKOH PENDIDIKAN DESA TANGKOLO

     
         Harita d desa Tangkolo diwangun Sakola Desa nu disebut “Volk Schul” atawa Sakola Rakyat, mun ayeuna mah SMP meureun.
          Kumaha kaayaan masarakat Tangkolo nu hayang sakola waktu harita? Tangtu kacida ripuhna, dilantarankeun jauh teuing.
          Waktu harita, bapa “Adiwikarta” anu jadi Kulisi Desa Tangkolo ngupayakeun ka pamarentah sangkan di Tangkolo bisa diwangun hiji sakola. Sanggeusna dikabulkeun, eta sakola disebut SD Subang II.
          Saha harita anu jadi pupuhu sakolana? Nyaeta Bapa Miskat Partadisastra sakalian sabage guru anu harita mah sok disebut juragan. Mantena (almarhum) minangka ngajabat ngajadi pupuhu sakola ti tanggal 01 Juni 1940-1953.
          Bapa Miskat Partadisastra kaasup warga masarakat anu kawilang nyongcolang jasana dina raraga nanjerkeun “pendidikan” di Tangkolo.
          Taun saterusna datang tanaga pangajar kadua anu disebut Guru Bantu ti Desa Kutamanggu. Nyatana Bapa Tepon Sastraatmaja anu teu lami digentos ku Bapa Guru Hasan Suwarna anu ti Subang.
            Tapi hanjakal, dina tanggal 27 Juni 1953, bapa Miskat Partadisastra sareng Bapa Sanpa’I ditewak, ditelasan, diduruk ku kakejeman DI/TII. 
            kadieuna aya bapak S.Setiono nu jadi kepala sakola di sd 1.. terus bapak Anta Yana Sutisna Direja nu padumukanana ti dadiharaja, bapak Husen nu katelah pangglakna ker harita jaman PKI,,
           Umumnamah sadaya guru guru urang anu ges nanjerkeun pendidikan desa Tangkolo, eta sadayana pahlawan Desa Tangkolo,,,, mudah mudahan sadayana di paparahan rohmat ku gusti nu maha suci di alam kabagjaaan..... amiiiiinnnnn...............



1 komentar:

 

Blogger news

About